Selasa, 04 Februari 2014

Kidung kang ibing

Bull…kukus ngelun ka manggung… ka manggung neda papayung2x…. ka batara neda suka ka pohaci neda suci…. Pun paralun ka sang rumuhun ka batara-kabatari, kabatara nagarajaka batari nagasugih, batara pang raksa jagat batari pang hurip bumi… ampun paralun…………. pun paralun kaseuneu panyeukeut deuleu, ka bayu pangusap sukma ka cai panghurip diri, ka lembah panghudang rasa, pijamaeun daari mulang pun paralun ka pohaci dangdayang sari ka ambu sari pangasih, ka ambu sari ning bumi, ka ambu sari ning hurip, ampun paralun ahung…ahung 77x ahung…ahung…. ahung…ahung…ahung buru limana putih lemah dempak lemah dampit lemah cikal lemah bakal lemah panginungan rasa nu nyanggal sareng ka kujang ahung…ahung…. ahung…ahung…ahung ahungna ka buyut kukung buyut kukung ulang alung di tengah camentrang herang, mata wene beureum koneng lang sinulang nyerengkebeng asal nyusup buluk gulung asal nu ngabak pakuan ahung..ampun paralun.. hung ahung paralun ka gunung nu bakal ka catur ka lembah bakal ka saba ka tangkal bakal ka pahpral ka cai baris ka sungsi.. ci haliwung nu nyang ngidul cisadane nu nya ngaler ci hanjuang nu nyangetan ci peucang kiruh ti girang, ci kapundung ulah pundung lulurung tujuh ngabandung ka dalapan teu di sorang.. ahung…ahung…ahung….ahung…ahung.. buru lingga asta bahe sajeroning rajah, rajah kenang rajah kening punah ku rajah pamunah, bumi rucita, jagat rucita, jaya sang kalawisesa, neukteuk leunjeur nilas adegan, Kabeh siluman sileman jayana mangka sing seda, sedana beunang ku ainglohp… aing nyaho ratu sia nu calik di gunung bukit, gunung bukit buligir putih, palias punah ku rajah pamunah, amit-amit neda widi seja heureuy papantunan bisi hariring teu uni, bisi haleuang heunteu merenah, ulah ngait kana fikir, ulah rengat kana manah, tungul sirungan catang akaran muga bangblas ku hampura… amit-amit neda wida amitan kanu tos mangkat pindah alam ku wayahna lumentang di alam panjang poe padang nagara tunjung sampurna. Pun paralun nu mapadane, ngusik-ngusik nu keur calik, ngeubah-ngeubah nu keur tapa, bisi aya nu kasebit nami keur alit, bisi aya nu kasebat jenengan keur budak, neda agung nya paralun menta jembar hampurana, lain diri ku mawani, teu wani bisi kabadi, lain diri kumawantun teu wantun bisi ka siku, palias niat nyacampah,… Amit-amit neda widi ka mbah jambrong nu nga geugeuh bandung kulon, ka mbah dipa nu ngageugeuh bandung wetan, ka mbah naya genggong nu ngageugeuh bandung kaler, ka mbah raksa pujil nu ngageugeuh bandung kidul… Amit-amit muga di raksa di riksa mugi di aping di jarring, anu hiri anu dengki anu jail kaniayaya, pang nyingkirkeun pangnyingkahkeun pangepeskeun… Rajah kula rajah pamunah, jadi haseup anu ngelun, ngelunna ngelun ka manggung, ka manggung ka mega mendung, run turun ngajadi hujan, hujan poyan sirantangan, nyinglar halangan harungan, balungbang maka balungbang ngebat jalan nga bulungbung bray nyingray lalangse puri hapsari, nyingray di unday pohaci…………..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar